==Belajar Blog== ==Salam Sukses==
  • Neangan Buah Jujur

    This is slide 1 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

  • Gunem Catur Facebooker’s

    Facebooker keur paagul2.postingan , jeng ngajempolan status batur. This is a Blogger template by Ayun Naming - facebook.com/koko.moan ...

  • This is Slide 3 Title

    This is slide 3 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

Jumat, 07 Agustus 2009

.:NEANGAN BUAH JUJUR:.

== ==


CARITA PONDOK
BUAH JUJUR
Kocapkeun aya hiji karajaan anu kaceluk kaawun-awun ka koncara ka janapria pinuh kaharenghengan kamajuan di sagala widang, bubuhan anu jadi pupuhuna hiji raja anu adil paramarta teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning nyaah kanu leutik , gede wibawana kanu jugala.
Tapi edas maklum da jalma biasa aya ka risi gede kahariwang nyawang mangsa anu bakal datang anu neruskeun kana pupuhu kapamingpinanana, can kagambar naha bisa mawa rahayatna sejahtera repeh rapih, karajaan anu gemah ripah loh jinawi, jorojoy anjeuna gaduh pangemut nitah lunta ngajurung laku kanu jadi putrana sangkan ngalalana pikeun neangan luang pangalaman pibekeleun jaga dimana mangsa kunu mangku pupuhu dikarajaan nana.
Raden mama teh nuju baluweng gede kahariwang ieu karajaan teh jadi camoohan deungeun pinuh ku pangjejeleh, rahayatna pinuh ku katalangsara, ngan aya iber ceunah aya tumbalna nyaeta ku buah jujur ngan mama teh teu apal dimana ayana. Mama ge kakara ngadenge aya buah jujur oge eta buah teh bakal kapanggih lian ti ku raden kumarga sakitu ayeuna mama rek ngajurung laku ka hidep bral geura miang bawa bekel sapuratina, hidep tong waka mulang lamun eta buah can kapanggih jeung judu di bawa ka mama ka dieu.
Tatangkalan hejo ngemploh, recetna manuk jeung reangna ingon-ingon nandakeun hiji kampung anu asri kawentar na ge kampung babakan asri rahayatna pinuh ku tulung tinulungan pada akur jeung sasama, bejana mah jauh jeung di dayeuh rasa sosialna meh geus sirna geus teu pati wawuh jeung tatangga indit isuk rebun-rebun mulang geus hibar sariak layung tampolana nepi katengah peuting ereng-erengan.
Dihiji lembur anu mencil aya hiji patani, sapopoena ngebon sayuran jeung buah-buahan hirup ngan paduduaan jeung pamajikanana katelahna mah pa Thoyib anjeuna motekar dina tatanenna estuning ku serba tradisional, lamun nyieun pupuk cukup ku bangsa dangdaunan,bodogol atawa tangkal cau,meureun lamun dina mangsa ayeuna mah pupuk organik tea atawa aya nu kasebut pupuk NPK PLUS LINGYIIN 354 tapi da baheula can di murak merek saperti ayeuna. Hiji poe pa Thoyib masarkeun hasil tatanena ka pasar aya hiji pamuda ngarongheap kana dadasar dagangannana, " mangga raden buah-buahan sareng sayuran saleger keneh manawi aya anu kaanggo" muhun bapak manawi kagungan buah jujur ceuk eta pamuda bari teu ngarasa lamun eta omonganana teh matak jadi bingung pikeun kanu ngadengena, ke ke jang leres ujang teh milarian buah jujur, jawab pa Thoyib ..sumuhun bapa abdi teh dipiwarang ku pun bapa kedah milarian buah jujur tos sataun langkung masih acan kenging keneh eta buah ...malihan pun bapa sanduk-sanduk ngawanti-wanti abdi ulah waka wangsul lamun teu acan mendakan oge kedah kacandak eta buah teh ka pun bapa.
Pa Thoyib surti bari mesem " Oh upami buah jujur nu eta mah di bapa oge aya namung disimpeun di bumi da teu acan asak , namung upami raden peryogimah mangga engke urang sasarengan candak ka bumi" ceuk pa Thoyib bubuhan hiji sepuh anu bijaksana weruh sadurung winara. Beres jualan jualanana pa Thoyib mulang jeung eta pamuda anu guligah ngarasa tereh hasil naon cita-cita anu diamanatkeun ku ramana .can ge diuk eta pamuda geus nanyakeun deui ka pa Thoyib ..."mana atuh bapa abdi tos teu sabar deui hoyong geura nguningakeun ka pun bapa" ke lanan raden nyalse we apan saur bapa ge buahna teu acan asak, saenamah raden ngarereb heula we didieu jeung bapa sugan moal lami deui oge asak....
Poe ka hiji pamuda nganjrek di bumi pa Thoyib mimiti katinggal ku pa Thoyib pangedulanana eta pamuda ngan sare jeung sare we ..sedengkeun pa Thoyib rebun-rebun geus berangkat ka kebon jeung pamajikanana...barang mulang eta pamuda ngan saukur nangkep harigu nagog dina paranggong golodog..barang rongheap pa Thoyib gura giru ngorejat bari nanyakeun buah jujur tea.. "kumaha pa tos asak" .."acan raden, cing sabar we nya" sagala rupa ge kudu dibarengan ku sabar". Jawab pa Thoyib.
Mangsa pabeubeurang pa Thoyib emut aya anu pesen buah samangka...nya ngagentraan pamuda tea .."raden aya nu pesen samangka ka bapa, bapa nuju sibuk keneh cing pang jajapkeun sakedap ka bapa Solihin bumina anu cet hejo..bilih raden keder mah tataros we da moal bireuk "....aduh kumaha nya pa , punten abdi nuju rada nyareuri suku tilas mapah mapahan. Tembal eta pamuda. Jep we pa Thoyib teu sasauran deui.
CAAAG AH....MANGSA DATANG URANG GUAR DEUI





NYAAH JEUNG LEUBAR LAMUN TEA MAH NGARASA BOGA HARGA DIRI
DIMUMURAH MURAH MAREH, CEUK KASARNA BEAK KABEH JAJAUHEUN KANU WEUTEUH NU AYA GE GEUS SOEH , MANGKADE ULAH TALOBEH , HANJAKAL NGAN UKUR BISA LEWEH KADITUNA BEAK KU PANGJEUJEULEH




Bisnis Boneka

Image by Cool Text: Free Graphics Generator - Edit Image

HOME

DAFTAR

ARTIKEL

APLIKASI

KONTAK